Rabu, 26 Desember 2007

rungkang canéom

puntung-puntung nu ngabarak dina asbak

teu karasa geus mumbul nyaksian kakingkinan

batin kuring dina peuting.

sora-sora kontra bas, sora-sora biola

sadana ngagelik_ ngagitik pipinding sukma

mancawura medahkeun kalangkang-kalangkang beurang

jungjunan, di dieu laju pikir geus mimiti samagaha

béré kuring jentréng-jentréng petikan qur’an

sangkan batin nu kapoékan kadamaran pulas beutina.

2007

1 komentar:

gung soekaboemi mengatakan...

sampurasun kang!
mangga di buka blogspot gungsoekaboemi.blobspot.com sareng www.soekaboemi.com eta nu agung.
bener......bener total
totalitas kana widangna
sumanget kang.
oh enya nami blog agung lebetkeunnya!