Rabu, 26 Desember 2007

kota

halabhab hawa kota ngabetrik pipinding sirah

téténjoan samara-samar (ranyay) kaseuseup jutaan gambar

na kamana iuh-iuh tangkal kiara, kalapa, léngkéng jeung loa

geuning geus ilang diganti ku jajaran salasar tihang

poster-poster jeung spanduk marinuhan sapaparat leumpang

kitu deui reujeung gapura geus teu némbongkeun ngaran hiji patempatan

ukur ngajeblag hiji tulisan “selamat datang”

padahal saha nu terang boa teuing éta seratan brasna kapajaratan?

2007

rungkang canéom

puntung-puntung nu ngabarak dina asbak

teu karasa geus mumbul nyaksian kakingkinan

batin kuring dina peuting.

sora-sora kontra bas, sora-sora biola

sadana ngagelik_ ngagitik pipinding sukma

mancawura medahkeun kalangkang-kalangkang beurang

jungjunan, di dieu laju pikir geus mimiti samagaha

béré kuring jentréng-jentréng petikan qur’an

sangkan batin nu kapoékan kadamaran pulas beutina.

2007

dapur

duh karunya teuing dapur kuring jirimna

geus panyakitan diragotan ku pirus mangsa

inget harita ari tacan mangkat sakola.

siduru heula hareupeun beungeut hawu

bari nunungguan asakna sangu keur tunjel

bekel mikir nyiar élmu.

beau geuning ayeuna saprak sapuluh taun

kuring lawas ninggalkeun imah

horéng lain bilik wungkul nu geus tatu, tapi hawu ogé kingkin jirimna

_ teu jauh béda reujeung batu na akar jambu

: diluruban ku pirang-pirang tai hayam.

2007

sirung kalangkang

wengi ieu jungjunan langit anjeun murag katincak béca

béntang-béntangna nyarelap dina saban guratan ban

beuki jauh ringkang béca ninggalkeun jalan,

beuki waas cahayana kingkilaban ti kajauhan.

hiji mangsa bagja kuring jeung manéhna laksana

silih simbeuhan silih amanatan dina tungkul babarengan.

2007

laklak jempling

ngaburicak batu bénsin diruru guratan beusi

sapuih-sapuih cuk-crekna ngahaseupan eusi sungut.

dina panto, kalangkang aing pating gorowok

neueulkeun leletan tarang nu méhméhan ditarok ku sumsum tulang

sedeng puntung dina létah, ajrag-ajragan nyarakakak ayeuh-ayeuhan

nyasak ka saban seuneu nu ngaruhak na jero otak.

melenghir kembang bugang meungpeukan beubeungeut eunteung

nurihkeun seuseukeut péso kana konéas warna samboja

dina kulit grut-gret hinis awi ngarakacak natoan jurig

nilengkeun panon aing nu kabakutet beulitan listrik

lilimbungkeun babauna sarupa arak nu ngayakyak teu béak-béak..

2007